adatradisi.xyz adalah sebuah blog pribadi yang memuat kebudayaan yang ada di Nusantara yang bertujuan untuk memperkenalkan dan memberikan pengetahuan kepada masyarakat khususnya masyarakat indonesia, dan juga untuk melestarikan Kebudayaan, Adat Istiadat yang ada di Indonesia dari Sabang sampai Merauke.

Kumpulan lirik dan Lagu Daerah Jawa Barat

Kumpulan Lirik dan Lagu Daerah Jawa Barat

Kumpulan Lirik dan Lagu Daerah Jawa Barat --- Di negara Indonesia ini terdiri dari berbagai suku bangsa dan bahasa yang tersebar di 34 provinsi di indonesia, dari ke 34 Provinsi tersebut banyak sekali perbedaan dari mulai Bahasa, Adat Istiadat, Kesenian, Alat Musik, Lagu sampai ke Budaya dan Tradisi. salah satunya adalah Provinsi Jawa Barat, pada kesempatan kali ini adat-budaya.blogspot.com akan berkunjung ke daerah Jawa Barat (Tatar Sunda), dan akan mencoba mengumpulkan Lagu Daerah Provinsi Jawa Barat.
Daerah Jawa Barat ini dikenal juga sebagai Tatar Sunda karena Suku asli dari daerah Jawa Barat ini adalah Suku Sunda yang telah mendiami dan berkembang di Daerah Jawa Barat dari zaman Kerajaan-kerajaan besar seperti Majapahit dan Padjajaran. di daerah Jawa Barat ini terdapat beberapa Lagu Daerah Jawa Barat diantaranya :

 

1. Kumpulan Lirik Dan Lagu Daerah Jawa Barat ---  Bubuy Bulan (Cipt. Benny Korda)

Bubuy bulan
Bubuy bulan sangray bentang
Panon poe 
Panon poe disasate
Unggal bulan
Unggal bulan abdi teang
Unggal poe
Unggal poe oge hade

Situ Ciburuy
laukna hese dipancing
Nyeredet hate
Ningali ngeplak caina

Duh eta saha
Nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate
Ningali sorot socana


 

 

2.  Kumpulan Lirik Dan Lagu Daerah Jawa Barat --- Bajing Luncat (Cipt. Kosaman Djaya)

Bajing luncat, bajing luncat
Ka astana aduh
Abdi lepat narosan
Teu ti anggalna

Bajing luncat, bajing luncat
Ka astana ieuh
Abdi lepat narosan
Teu ti anggalna

Ku teu sangka salira bet
luas pisan
Teu hawatos
Ka nu kesel ngantos ngantos

Api api teu emut kana pasini
Pasini pakait ati
duh pakait ati ...


 

 

 3. Kumpulan Lirik Dan Lagu Daerah Jawa Barat --- Cing Cangkeling (Cipt.NN)

Dengkleung dengdek buah kopi raranggeuyan
Keun anu dewek ulah pati di heureuyan

Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong bapak satar buleneng

Kleung dengdek buah kopi rarang geuyan
Keun anu dewek ulah pati di heureuyan

Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong bapa satar buleneng

 

 

 

4. Kumpulan Lirik Dan Lagu Daerah Jawa Barat --- Manuk Dadali (Cipt. Sambas  Mangundikarta)

Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Kukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Tandang jeung pertentang taya bandingannana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan kasieun leber wawanenna

Reff :
Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia Jaya
Manuk dadali pangkakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna

Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna Bangsa di Nagara Indonesia 




 

5. Kumpulan Lirik Dan Lagu Daerah Jawa Barat --- Panon Hideung (Cipt. Ismail Marzuki)

Panon hideung … Irung mancung
Pipi koneng …Putri Bandung

Putri saha  … Di mana bumina
Abdi resep … Ka anjeuna

Siang wengi … Kaimpi-impi
Hate  abdi sararedih

Teu emut  dahar
Teu emut nginum

Emut kanu geulis
Panon Hideung





6. Kumpulan Lirik Dan Lagu Daerah Jawa Barat --- Pileuleuyan (Sapu Nyere Pegat Simpay) (Cipt. Mus K. Wirya)

Hayu batur hayu batur
Urang kumpul sarerea
Hayu batur hayu batur
Urang sosonoan heula

Pileuleuyan pileuleuyan
Sapu nyere pegat simpay
Pileuleuyan pileuleuyan
Paturay patepang deui

Amit mundur amit mundur
Amit ka jalma nu rea
Amit mundur amit mundur
Da kuring arek ngumbara  




7.  Kumpulan Lirik Dan Lagu Daerah Jawa Barat --- Teungteuingeun 

Teungteuingeun ku naon ngantunkeun abdi
Teungteuingeun naon kalepatan diri
Unggal dinten henteu weleh ngantosan
Mugi sing enggal mulih deui

Siang wengi hate abdi teh bimbang
Ngemutkeun panutan anu hilang
Abdi sono tos lami teu patepang
Duh teu kiat nandangkeun nana

Reff:
Emut keur urang kapungkur
Keur sareng sahuap lingkung
Sakitu geuning layetna
Nyaah teu aya papadana 


 

8.  Kumpulan Lirik Dan Lagu Daerah Jawa Barat --- Tokecang  (Cipt.
R.C. Hardjosubroto)


Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang angeun kacang sapariuk kosong
Aya listrik di masigit meuni caang katingalna
Aya istri jangkung alit karangan dina pipina

Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang angeun kacang sapariuk kosong


 

9. Kumpulan Lirik Dan Lagu Daerah Jawa Barat --- Es Lilin (Cipt. NN)

Es lilin mah didorong-dorong
dibantun mah dibantun ka Sukajadi
abdi isin ceuceu samar kaduga
sok sieun mah aduuh henteu ngajadi

Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandakna geuningan ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh bararingung
sok inggis mah aduuh henteu ngajadi

Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantelan geuning ku saputangan
itu saha dunungan ku ginding teuing
sing horeng mah aduh geuning jungjunan

Es lilin mah ceuceu dikalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun mah dibantun kamana-mana

Kamana mah dunungan ngaitkeun cingcin
ka kaler mah aduuh katojo bolat
kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
sakieu mah aduuh panas hatena.



10. Kumpulan Lirik Dan Lagu Daerah Jawa Barat --- Peyeum Bandung (Cipt. Sambas)

Dimana-mana
Di kampung di kota
Tos kakoncara
Ku nikmat rasana

Sampeu asalna
Teu direka-reka
Naon namina
Duh matak kabita

Peuyeum Bandung kamashur
Pangaosna teu luhur
Ku sadaya kagaleuh
Sepuh jeung murangkalih

Mangga cobian
Bilih panasaran
Peuyeum ti Bandung
Henteu sambarangan



11. Kumpulan Lirik Dan Lagu Daerah Jawa Barat --- Neng Geulis (Cipt. NN)

Neng geulis pujaan eungkang
Neng geulis akang hoyong tepang
Upami teu aya pamengan
Langkung sae urang keunalan

Neng geulis pujaan eungkang
neng geulis akang hoyong teupang
upami teuaya pamengan
sasih paun yu urang tunangan

eta saha anu acuk bodas
eta saha snu acuk kayas
pipi koneng irung mancung
putri Bandung

Neng geulis pujaan eungkang
neng geulis akang hoyong teupang
upami teuaya pamengan
sasih paun yu urang tunangan


12. Kumpulan Lirik Dan Lagu Daerah Jawa Barat --- Euis  (Cipt. K.P Triharto)

Euis.... Yeu dangukeun heula
Pihatur naon anu di seja....
Hayu urang kakawihan
Kawih Pangdugining ati

Euis, ke antosan heula,
Aeh aeh saha eta,
Abdi sobat nu baheula,
Euleuh euleuh saur saur saha,

Euis teuing ku lucuna,
Idih idih paribasa,
Estu ku matak kayungyun,
Ah pameget eta mah biasa,

Ibu, bapa, dieu geura,
Sok aya jajaka,
Nu ngangkentresna,
Ku ngararewa,
Estu ku seueur gogoda,
Nu jangkung jalmina,
Kandel kumisna,
Sesah hilapna,

Euis, ke antosan heula,
Aeh aeh saha eta,
Abdi sobat nu baheula,
Euleuh euleuh saur saur saha,

Euis teuing ku lucuna,
Idih idih paribasa,
Estu ku matak kayungyun,
Ah pameget eta mah biasa,

Ibu, bapa, dieu geura,
Sok aya jajaka,
Nu ngangkentresna,
Ku ngararewa,
Estu ku seueur gogoda,
Nu jangkung jalmina,
Kandel kumisna,

Sesah hilapna,
Sesah hilapna,
Sesah hilapna,
Sesah hilapna,




13. Kumpulan Lirik Dan Lagu Daerah Jawa Barat --- Pepeling

Ha sakabeh para nonoman,
kitu deui para mojangna
Lamun pareng jauh ngumbara,
kade poho kana pepeling
Omat pisan tong pindah paadatan,
suwawona ninggalkeun kebangsaan
Boh pusaka boh budayana,
urang pisan nu ngajungjungna




14. Lirik dan Lagu Daerah Jawa Barat ---  Sorban Palid 

Akang haji sorban palid, palidna ka Cilamaya
akang haji sumangga calik nyanggakeun mah saaya-aya

Akang haji sorban palid, palidna ka Cikapundung
akang haji kunaon balik, ulah hilap dalila pundung

Kaso poondok kaso panjang, kaso ngaroyong ka jalan
najan sono, najan heman, teu sae ngobrol di jalan

kaso pondok kaso panjang, kaso ngaroyong ka jalan
sono mondok, sono mantel, sono patepang di jalan

Video Lagu Daerah : Sorban palid



Demikian lah beberapa Lirik dan Lagu Daerah Jawa Barat, mohon Koreksian nya apabila ada kesalahan agar kita dapat bersama-sama melestarikan kebudayaan yang ada di Indonesia ini. :)
0 Komentar untuk "Kumpulan lirik dan Lagu Daerah Jawa Barat"

Back To Top